Home / Budaya / Ngarak Panganten

Ngarak Panganten

Asana kuari mah geus hésé manggihan deui tradisi ngarak pangantén. Jaman kami keur leutik mah éta mun rék aya nu hajat biasana saminggu kénéh geus ramé nu nyiapkeun sagala rupa. Di awalan ku nabeuh lisung (naon tah istilah na kami poho deui), pokona mah sampé kadéngé ka sabrang lembur. Biasana éta nu narabeuh lisung para cawéné, ibu-ibu, sampé ka nini-nini. Para lalakina sibuk nyieun balandongan, meuyeum cau dina jero taneuh dituruban ku sagala dadaunan (utamana daun jeruk) terus digembos ku haseup sapu paré.

Sapoé kana wanci hajatna, peutingna aya istilah “ngadiukeun”, nyaéta ngariung bari mamaca alias maca séh katélahna. Budak laleutik arulin dina kolong balandongan bari gugulayutan maké samping. Sapéker toa jojong mani harus kadéngé ka tatangga lembur.
Nincak kana waktuna, parawali saribuk. Aya nu ngaléteran béas, aya nu ngitungan emih jeung sajabana.
Isuk-isuk pas mata poe ngahaneutan hulu, grup kitimpring geus siap-siap rék nyambut pangantén lalakina. Kitu deui ti pihak lalaki ngabéjaan yén pangantén lalaki geus di tengah perjalanan. Pangantén bikang mulai diarak ku grup katimpring nyampeur pangantén lalakina.
Prok kotoprok toprok ding dung ding dang ding dung ding dang,” kitu sawara katimpring nu ngeunah kadengéna kana ceuli. Ti jauh kénéh geus kadeuleu rombongan pangantén lalaki nungguan. Barang geus amprok, pangantén bikang cium tangan ka pangantén lalaki, terus ngaréndéng. Rombongan panganteur terus ngagabung siap-siap ngarak ka imah pangantén bikang. Eta babawaan pangantén lalaki loba jasa. Aya nu disebut gotongan nyaéta awi panjang anu maké suku di ujung-ujungna. Eusina aya cau turuyan, kalapa samanggar, jebug, daun seureuh nu dihiasan ku rumbé-rumbé daun kalapa. Can deui nu mikul tenong, mikul hancenangan, nungtun mbé jeung nu ngélék kotok.
Sanggeus rombongan ngahiji, grup kitimpring mulai nabeuh deui, ngarak pangantén sampé ka imah pangantén bikangna. Nepi ka buruan imah pangantén bikang, pangantén disawér heula maké duit récéh dicampur jeung ésbongbon campur rampé nu seungit kaambeuna. “Wurrrrrrr,” saweran diaurkeun. Budak leutik, kolot, kabéh gaur rebutan sawéran. Bérés disawér kakarak pangantén naék ka imah (ari baréto mah pan imah panggung téa). Pangantén lalaki diukna gigireun naib alias panghulu, ari pangantén bikangna mah diukna dibalik lawang, ja baheula mah pamali cénah, can beunang ngahiji lamun can ijab kabul mah.
“Tarima kaula nikah ka nyi anu kalawan mas kawin tilu gram emas, kontan…!!” kitu ceuk pangantén lalaki bari sasalaman jeung panghulu. Sanggeus kitu mah kakarak éta pangantén dihijikeun diuk dina puadé.
Peutingna, panganten lalaki can bisa meulah kadu, ja kudu aya acara ngariung heula. Parawali sibuk nyiapkeun daun cau jeung daun kalapa, jang wadah berekat. Puguhna ari hancengan jeung bakakak mah geus loba, sumawona kukuehan mah. Aya ranginang, opak, gipang, pais cau, pain énten, pasung jeung sajabana.

Acara ngariung diawalan ku pertokol, terus pangajian Al-Qur’an nu biasana dibawakeun ku santri anu ngeunaheun sorana. Sanggeus kitu mulai pertokol ngebéjaan lamun pangantén bikang ndeuk hataman. Dina lawang tengah, pangantén bikangna didangdanan maké tiung. Bari jeung rada ngageder pangantén bikang naraman ngaji ti mimiti al-hakumut sampe kul a’udu birobbinnasi. Tungtungna, acara ngariung peuting éta ditutup ku ceramah ti kiayi, biasana sok sampé ka jam tilu, atuh pangantén lalaki teu bisa nanaon. Isukna, giliran acara munjungan, nyaéta pangantén dianteur silaturahmi ka imah pangantén lalakina. Tah kitu kira-kira acara ngarak pangantén anu ku kami sok disaksikeun basa keur leutik.

About pengelola

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

*

You may use these HTML tags and attributes: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>

Scroll To Top